Rabu, 11 Januari 2012

Tatakrama Basa Sunda

Tatakrama Basa Sunda

1.      Basa Loma : Kuring keur maca buku Biologi
Basa hormat : keur ka sorangan , Puguh pun adi teh resep maca buku Fisika
Basa hormat : keur ka batur , Anjeunna nuju maos qur’an

2.      Basa Loma :kuring abus ka jero imah
Basa hormat : keur ka sorangan , basa kamari sim kuring piwarang  lebet ka kelas Basa Indonesia ku bu Ina
Basa hormat : keur ka batur , anjeunna tos lebet ka kelas.

3.      Basa Loma :duh cape pisan, puguh kuring teh kakara balik ti bandung
Basa hormat : keur ka sorangan , Kamari sim kuring wangsul ti Jakarta
Basa hormat : keur ka batur , saterang abdi mah kapiputra teh mulih ti Bojong

4.      Basa Loma kuring mah keur ambek ka si Dede lantaran kamari teu ngabales diSMS teh.
Basa hormat keur ka sorangan , abdi mah teu ambek ka anjeun, da abdi ge terang eta mah gara-gara abdi.
Basa hormat keur ka batur , kamari teh tuang rama bendu ka abdi.

5.      Basa Loma  karek  ge kamari pisan kuring meuli pulsa, ayeuna geus beak deui.
Basa hormat keur ka sorangan , basa dinten senen,  abdi dipiwarang meser gula  ku pun bibi.
Basa hormat keur ka batur , tadi mah abdi ningal wireh tuang rai teh nuju ngagaleuh beas di pasar.

6.      Basa Loma duh, teu kuat pisan hayang kiih
Basa hormat keur ka sorangan , teh, bade ngiring ka jamban, ieu puguh ge teu kiat kahampangan
Basa hormat keur ka batur , tuang rai teh tadi kahampangan, milari jamban saurna teu kapendak

7.      Basa Loma basa harita kuring milu ka Bali jeung bibi.
Basa hormat keur ka sorangan , atuh abdi bade ngiring ka Rumah Sakit
Basa hormat keur ka batur , murangkalih teh tadi ngiring sareng rerencangana

8.      Basa Loma karek ge tadi sare, ayeuna geus hayang sare deui kuring mah.
Basa hormat keur ka sorangan èenjing mah sigana abdi bade mondok di sakola
Basa hormat keur ka batur , tuang rama nuju kulem dina korsi.

9.      Basa Loma asa teu pikaseurieun caritana, tapi kuring teh seuri we.
Basa hormat keur ka sorangan èkapungkur basa pendak abdi teh ngajak seuri ka Ina.
Basa hormat keur ka batur , anjeunna gumujeng, basa abdi tetembangan.

10.  Basa Loma unggal poe saacan indit ka sakola, kuring sok  sasarap heula
Basa hormat keur ka sorangan , abdi nuju sasarap sareng sangu goreng
Basa hormat keur ka batur , anjeunna nuju tuang sareng pais lauk

Tidak ada komentar:

Posting Komentar